Asa sawan oge ari kudu nulis
sajak patriotismeu mah, hese ngawawaasna, hehehe!
Hulang-huleng mikiran para pahlawan Indonesia dina buku pelajaran jaman sakola baheula, nu dibendo, disorban, dikacamata, dikopeah, nu baplang jeung nu botak, nu marake sanggul dikabaya, nu jasana inih ituh inih ituh biodatana barabat barabat...
Ah.Teu wawuh.
Patriotismeu memang teu malulu ngeunaan hiji tokoh, bisa jadi leuwih kana niley-niley, karakter jeung sumanget. Tapi kuring mah hayang nulis patriotismeu jarak dekat, hiji heroic action dahsyat nu bener-bener ngaruh kana hirup.
Pahlawan Indonesia jaman perang dina buku pelajaran ngabigeu teu jadi ide.
Oke deh. Terima kasih atas perjuangan kalian! Indonesia sudah merdeka, loh! Kami telah sedang dan akan terus melanjutkan perjuangan kalian. Piss! Next!
Ceuk E.A. Storrs, patriotismeu mah cenah teu kahalangan ku garis lintang atawa garis bujur, yeah! Tah ide ieu kuring resep pisan, humanis dan universal! Patriot alusna memang teu kawengku ku teritorial ambeh sah kaaku ku balarea. Teu kaci ah jadi pahlawan lamun efek patriotismeu-na ngan karasa ku sacangkewok mah! Patriot kamanusaan sigana asup kana kolom humanis universal ieu, pejuang-pejuang HAM jeung tokoh-tokoh perdamaian dunya. Hmmm.
Uteuk cupet tuluy ngagorolong siga golongan langlayangan, kendur jeung gelasan pagujud paburasut nyangked di ditu di dieu teu katuturkeun ku ramo nu nyangsaya na kibor. Los kana pulitik jeung perang-perang di wates nagara deungeun, los kana kolonialismeu ekonomi jeung kamajuan teknologi, konspirasi, kalaparan, terorismeu, intelijen, all the refugees, trafficking, my Indonesia nu ampun-ampunan diheureuyan investor asing... Fuih. Lieur, Jenderal!
NAON SIH PATRIOTISMEU TEH?
Rahuh. Mun nurutkeun laer biwir nu meusmeus you are my hero! You are my hero! Uh jd gereget! Conto kasus:
- Keur cekak, si Uken ujug-ujug ngirim pulsa, langsung nga-SMS nganuhunkeun: Ukeeeennn... you are my hero! Tengkyu nya udah ngirim pulsa! Mmmuaahh!
- Keur genah diuk online di warnet, operator hideng mangnyieunkeun kopi, langsung pok: Wheitz Kang, nuhun ah, you are my hero!
- Aya nu haat mangantrikeun tiket bioskop: You are my hero!
- Si Ono tukang beca mangmanggulkeun tabung gas: You are my hero!
- Si Imenk mangmeulikeun rokok: You are my hero!
- Si Otong mawa film alus: Yess! You too are my hero!
Gara-gara laer biwir patriot-patriot kuring jadi balatak teuing, hero teh ngan jadi lipstik. Salah sorangan. Huh.
Tapi tanpa meremehkan arti babaturan jeung jelema-jelema deukeut nu salila ieu jadi my hero, bieu pisan ujung-ujug pecenghul ide anyar! Sigana patriot nu kapake pisan ku kuring mah... Bill Gates! Enyaan! Inilah patriot jarak dekat nu bener-bener mangaruhan hirup!
Tapi ka si eta ge teu wawuh, da.
Jabaning asa getek nulis sajak tentang Bill Gates mah.
Naringnang dot com tea meureun.
Oh sedihnyaaaa...
Huhuhuhu!